Chord Kunci Gitar Azmy Z - Pelesiran

Intro:
D

D 
Ka Garut kajojo ku dodolna
      G
Ka Tasik lalucu souvernirna
    D               A
Ciamis raos galendona
                                D
Ka Banjar pangandaran endah alamna
D
Urang sindang ka Sumedang
         A
Mapay jalan Cadas pangeran
A
Tuang tahu nikmat pisan
       G        A      D
Pelesiran bari gogojakan

D
Cililin kataji ku wajitna
      G
Kabogor kasohor kutalesna
                    A
Cianjur gaduh taucona
A
Ka Bandung kota kembang 
             D
Geulis mojangna
D
Urang sindang ka Karawang
         A               
kageget ku goyang karawang
A
urang subang wantun tandang
         G   A        D
kamemet ku nanas maduna

Musik:
D G A D
A G A D

D
Kuningan kutalaga remisna
     G                      
Cirebon kasohor ku tarlingna
                     A
Maranggi ti purwakarta
                           D
Moci ti Sukabumi wajib dicobi
D
Majalengka someahna
        A
Kataji ku mangga gedongna
A
Jajakana pang kasepna
       G  A         D
Taya deui bandinganna

D
ka Banten katelah ku debusna
       G
Ka Jampang reeus ku jawarana
G                A
Cimahi gede kawani
                                 D
sanajan kota leutik tapi campeurnik
D
Bandung barat anu lumpat
           A
lumampah jeung mawa mangfaat
A
Najan taya katelahna 
       G   A                D
Raos pisan borondong garingna